IHE Wiki

Édit tutumbu
Otot rangka, ti gelempengan nepi ka sélna

Otot mangrupa jaringan kontraktil awak nu diturunkeun tina lapisan mésodermal sél émbrionik. Pancénna pikeun ngahasilkeun gaya atawa pikeun ojah, boh pindah tempat atawa ojah dina organ internal. lolobana kontraksi otot lumangsung tanpa sadar sangkan bisa hirup, misalna kontraksi jantung atawa peristalsis, nu ngadorong dahareun sapanjang sistim cerna. Gerakan ramo atawa leungeun mangrupa hasil tina kontraksi otot sadar nu bisa diatur.

Tipeu

Otot kabagi kana tilu tipeu:

Anatomi

Otot téh diwangun ku sél-sél otot (osok ogé disebut serat otot). Di antara sél-sél otot ieu aya myofibril (ngandung sarkomér nu diwangun ku aktin jeung myosin. Sél otot téh dirapihkeun ku éndomysium, dibeungkeutan jadi mangrupa fasikel ku perimysium; beungkeutan-beungkeutan otot ieu lajeng ngahiji jadi otot nu dirapihkeun ku épimysium.

Rujukan

  • Muscle, Wikipédia édisi basa Inggris.
  • Costill, David L and Wilmore, Jack H. (2004). Physiology of Sport and Exercise. Champaign, Illinois: Human Kinetics. ISBN 0-7360-4489-2.
  • Phylogenetic Relationship of Muscle Tissues Deduced from Superimposition of Gene Trees, Satoshi OOta and Naruya Saitou, Mol. Biol. Evol. 16(6) 856-7, 1999

Tumbu kaluar

Baca ogé




Sistim otot -
Jaringan otot | kontraksi otot | Otot awak manusa
Tipeu otot
Otot jantung | Otot rangka | Otot lemes