The US FDA’s proposed rule on laboratory-developed tests: Impacts on clinical laboratory testing
Eusi
Sayuran mangrupa sagala rupa tutuwuhan atawa bagian-bagiana anu bisa diolah jadi dahareun.[1] Sababaraha jenis sayuran bisa langsung didahar atah-atah sedengkeun sabagian laina saukur bisa dikonsumsi sanggeus dimasak heula.[1] dahareun ieu ngandung loba nutrisi penting pikeun kasehatan awak saperti Karbohidrat, Uyah, Mineral, Vitamin, Lemak, Protéin, jsb.[1] Sayuran nyaéta sesebutan ilahar kana pangan ti tutuwuhan nu biasana miboga kadar cai luhur jeung dituangan dina kaayaan seger atawa sanggeus diolah saminimalna.[2]
Babagian Sayuran
Sayuran bisa dikatégorikeun jadi dalapan jenis dumasar kana bagian awak tutuwuhan anu dipaké salaku dahareun ku manusa, nyaéta:[1]
Kembang (Flower Vagetables)
bagian tutuwuhan anu bisa dimangfaatkeun salaku sayur nyaéta bagian kembangna.[1] Sayuran kembang kualitas alus nyaéta kembang anu susunana kompak, boga warna seger atawa cerah, ukuranan gedé, sarta aweuh cacat atawa urut digégél hama.[1] Sababaraha conto kembang tutuwuhan pikeun sayuran nyaéta kembang engkol, burkol, jeung kembang dadap.[1]
Buah (Fruit Vagetables)
Pikeun jenis sayuran ieu, bagian anu dimangfaatkeun salaku sayur nyaéta bagian buahna.[1] Sayuran buah kualitas alus nyaéta buah anu umurna cukup atawa henteu kolot teuing jeung teu ngora teuing.[1] Buah alusna seger jeung warnana cerah.[1] Salian ti éta, buah kualitas alus boga ukuran gedé jeung aweuh bagian anu buruk atawa ruksak.[1] sababaraha conto sayuran buah nyaéta tomat, cabé, oyong, terong, bonténg, jeung paprika.[1]
Polong (Legume Vegetables)
Sayuran polong nyaéta jenis tutuwuhan anu dimangfaatkeun pikeun dimangfaatkeun bagian polongna.[1] Sanajan kitu, sababaraha rupa sayur kulitna bisa ngiluan dikonsumsi.[1] Sayuran polong kualitas alus umurna henteu kolot, jendolan sikina can katingali, sarta kulit buahna lempeng kénéh.[1] Salian éta, warna buahna katingali masih seger jeung aweuh bagian anu ruksak.[1] Conto sayur jenis polong nyaéta buncis, kacang panjang, kapri, kedelé, jeung kacang beureum.[1]
Daun (Leaf Vegetables)
Bagian anu bisa dikonsumsi tina sayuran jenis ieu nyaéta bagian dauna.[1] Daun kualitas alus nyaéta bagian daun anu utuh, teu liangan, jeung teu buruk.[1] Bagian batang jeung daunna ogé alusna mah kompak jeung lébar.[1] Conto sayuran daun di antarana nyaéta Bayem, kubis, engkol, sosin, letuce, kangkung, jeung bawang daun.[1]
Batang (Stem Vegetables)
bagian anu dikonsumsi tina sayuran jenis ieu nyaéta batangna.[1] Dina milih Stem Vgetables, alusna milih batang anu ngora kénéh, warna ngora bari cerah, jeung euweuh cacat atawa buruk. sababaraha conto sayuran ieu nyaéta iwung, asparagus, adas, togé, batang salédri, jeung paku.[1]
Beuti (Root Vegetables)
Root Vegetables mangrupa sayur beubeutian.[1] Beuti sorangan mangrupa akar anu ngagedéan. Jenis sayuran ieu biasana loba ngandung karbohidrat.[1] Sanajan kitu, di jerona ogé masih aya loba nutrisi penting.Sababaraha conto root vegetables nyaéta kentang, wortel, sampeu, hui boléd, lobak, bit, jeung taleus.[1]
Beuti Lapis (Bulb Vegetables)
Jenis sayuran ieu sabenerna rada sarua jeung root vegetables. Nu ngabédakeun nyavta struktur Beutina anu ngalapis.Conto Bulb Vegetables nyaéta bawang beureum, bawang bodas, jeung bawang bodas.