Type a search term to find related articles by LIMS subject matter experts gathered from the most trusted and dynamic collaboration tools in the laboratory informatics industry.
Samagaha bulan kajadian nalika sawaréh atawa sakabéh panampang bulan katutup ku kalangkang marcapada. Éta téh kajadianna mun marcapada nyéngclé di antara panonpoé jeung bulan dina sagaris lempeng nu sarua, sangkan cahya panonpoé teu bisa ngahontal bulan lantaran kahalangan ku marcapada.
Ku émbaran lian, samagaha bulan téh bijil mun bulan keur dina oposisi jeung panonpoé. Ngan ku lantaran kadéngdékan widang orbit bulan kana widang ékliptika gedéna 5°[1], mangka henteu unggal oposisi bulan jeung panonpoé bakal ngabalukarkeun kajadianna samagaha bulan. Popotongan widang orbit bulan jeung widang ékliptika bakal ngabijilkeun 2 titik potong nu disebut node, nyaéta titik di mana bulan motong widang ékliptika. Ieu samagaha bulan bakal kajadian nalika bulan keur oposisi kana éta node. Bulan merlukeun waktu 29,53 poé pikeun obah ti hiji titik oposisi ka titik oposisi lianna. Mangka sakuduna, mun kajadian samagaha bulan, bakal dituturkeun ku samagaha panonpoé lantaran éta dua node téh malagrang dina garis nu nepungkeun antara panonpoé jeung marcapada.
Saenyana, dina kajadian samagaha bulan, mindengna mah bulan téh masih bisa katémbong kénéh. Lantaran masih aya kénéh cahya panonpoé nu dipéngkolkeun ke arah bulan ku atmosfer marcapada. Sarta kalolobaanana mah cahya nu dipéngkolkeun téh mibanda spéktrum cahya beureum. Kitu sababna nalika samagaha bulan, bulan bakal katempo poék, bisa jadi warna beureum tambaga, jingga, atawa coklat.
Ari samagaha bulan mah bisa diilikan ku panon sacara langsung sarta teu aya bahaya.
Nalika samagaha bulan keur lumangsung, umat Islam nu narémbongan atawa mikanyaho kana éta samagaha téh disunatkeun pikeun ngalakonan solat samagaha (solat khusuf).
Samagaha bulan kabagi jadi 3, nyaéta: