Type a search term to find related articles by LIMS subject matter experts gathered from the most trusted and dynamic collaboration tools in the laboratory informatics industry.
Kucubung | |
---|---|
'Fastulosa' | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | D. metel
|
Ngaran binomial | |
Datura metel |
Kucubung nyaéta tutuwuhan kembangan anggota kulawarga Solanaceae, nu miboga watang kai sarta kandel.[1][2] Kucubung mimiti diwanohkeun ku Linnaeus dina taun 1753, tapi sacara botani pedaran jeung gambaran ngeunaan kucubung masih can merenah.[1] Tutuwuhan ieu dipaké minangka ubar kurang leuwih dina abad ka-10.[1] Kucubung aya nu asalna ti Asia Tenggara tapi aya ogé nu asalna ti Benua Amérika.[1] Sanajan kitu wilayah asal ieu tutuwuhan can bisa dipikanyaho kalawan pasti.[3][4]
Tutuwuhan ieu miboga loba cabang nu mekar ka katuhu jeung ka kénca.[1][2] Jangkung kucubung téh biasana mah kurang ti 2 méter.[1][2] Daun kucubung (Angel's Trumpet) warnana héjo, wangunna buleud siga endog sarta sisina gagarinjelan jeung posisina biasana pahareup-hareup.[1][2] Salian ti éta tungtung daun kucubung biasana seukeut.[1][2]
Kembang kucubung mirip jeung tarompét warna bodas atawa warna layung.[1][2] Tapi kucubung hias mah bisa miboga warna kembang anu rupa-rupa.[1][2] Makuta kembangna biasana warna ungu.[1][2] Panjang kembangna kurang leuwih 12–18 cm.[1][2] Kembang kucubung biasana mimiti mekar ti sore tepi ka peuting.[1][2]
Buah kucubung wangunna buleud, warnana héjo, bagéan luarna sok aya cucukan sedengkeun bagéan jerona mah dieusian ku siki-siki laleutik anu garepéng warnana konéng kacoklat-coklatan.[1][2]
Kucubung biasana hirup di daérah dataran rendah nepi ka ketinggian taneuh 800 méter di luhurun permukaan laut.[1][2] Salian tumuwuh liar di leuweung jeung di huma, kucubung ogé mindeng dipelak minangka tutuwuhan hias di buruan imah.[1][2] Cara ngamekarkeun ieu tutuwuhan téh ku cara sték atawa ngaliwatan siki.[1][2]
Kucubung, utamana jenis Datura metel ngandung sababaraha senyawa kimia di antarana: hiosin, co-oksalat, zat lemak, atropin (hyosiamin) jeung skopolamin.[1][2] Kandungan ieu nyababkeun kucubung bisa digunakeun minangka ubar tradisional pikeun ngubaran asma, reumatik, nyeri cangkéng, cararangkeul, bisul atawa éksim, nyeri huntu, totombé, nepi ka sumilangeun.[1][2] Bagian nu mindeng dipaké pikeun ubar nyaéta daun kucubung.[1][2]
Salian ti dipaké ubar, kucubung ogé ngandung racun mangrupa zat alkaloid nu miboga efek halusinogén utamana dina bagéan sikina.[1][2] Dina sababaraha kasus kapanggih, siki kucubung dipaké maéhan manéh.[2]