Search for LIMS content across all our Wiki Knowledge Bases.
Type a search term to find related articles by LIMS subject matter experts gathered from the most trusted and dynamic collaboration tools in the laboratory informatics industry.
Kord nyaéta kumpulan tilu nada atawa leuwih anu lamun dipaénkeun babarengan bakal kadéngé harmonis.[1][2] Kord bisa dipaénkeun ku cara pegat-pegatan atawa bisa ogé dibarengkeun. Kord téh dipaké pikeun ngaramékeun hiji lagu. Conto alat musik séjén anu bisa maénkeun kord nyaéta gitar (akustik jeung listrik), orjen, electona. Kord anu ngaranna béda tapi lamun dipaénkeun sorana sarua disebut Kord Enharmonis. Contona: kord Cb (Ces mayor) jeung B (B mayor).
Sajarah
Musik geus wanoh kana notasi ti saprak taun 590 anu ditimukeun ku Paus Agung Grégori. Notasi ieu disebut Notasi Grégorian. Namung karék disampurnakeun kira-kira taun 950 dibuktikeun ku ayana Notasi Balok.
Mimitina mah nalika taun 1600-1750 (Mangsa Barok) ilaharna jelema mikawanoh kana musik polifoni jeung élmu kontrapung, mangrupa mélodi séjén anu pasalingsingan. Karék, pas taun 1725 jelema wanoh kana kord dina musik homofoni, Remeau nulis buku Traite d'Harmonie taun 1722. Mimitina kord disusun ku tilu nada, laju dibalikkeun, mangrupa mayor, minor, aughmented, diminished, jeung tuluy ditambah nada séptim, sixth, jsb.. Mulai taun 1750 dina Mangsa Klasik kord bisa mekar nepi ka ayeuna dina mangsa blues (1870), jazz (1920), pop jeung rock (1955), jsb. anu wanoh kana kord ninth, eleventh, thirdteenth, jsb.
Bacaan nu patali
Grout, Donald Jay (1960). A History Of Western Music. Norton Publishing.
Dahlhaus, Carl. Gjerdingen, Robert O. trans. (1990). Studies in the Origin of Harmonic Tonality, p. 67. Princeton University Press. ISBN 0-691-09135-8.
Goldman (1965). Cited in Nattiez (1990).
Jones, George T. (1994). HarperCollins College Outline Music Theory. ISBN 0-06-467168-2.
Nattiez, Jean-Jacques (1990). Music and Discourse: Toward a Semiology of Music (Musicologie générale et sémiologue, 1987). Translated by Carolyn Abbate (1990). ISBN 0-691-02714-5.
Norman Monath, Norman (1984). How To Play Popular Piano In 10 Easy Lessons. Fireside Books. ISBN 0-671-53067-4.
Stanley Sadie and John Tyrrell, eds. (2001). The New Grove Dictionary of Music and Musicians. ISBN 1-56159-239-0.
Surmani, Andrew (2004). Essentials of Music Theory: A Complete Self-Study Course for All Musicians. ISBN 0-7390-3635-1.
Benward, Bruce & Saker, Marilyn (2002). Music in Theory and Practice, Volumes I & II (7th ed.). New York: McGraw Hill. ISBN 0-07-294262-2.