Knowledge Base Wiki

Search for LIMS content across all our Wiki Knowledge Bases.

Type a search term to find related articles by LIMS subject matter experts gathered from the most trusted and dynamic collaboration tools in the laboratory informatics industry.

Gunung Kerinci mangrupa gunung seuneu pangluhurna di Indonésia.[1] Kawahna ngawangun kerucut kalayan dingding bagian luhur ukuranana 600 x 580 méter sarta 120 x 100 méter pikeun dingding bagian handap.[1] Kawah kasebut ngeusi cai anu boga warna héjo kakonéng-konéngan.[1] Perenahna di antara dua Kabupatén di Provinsi Jambi, nyaéta Kabupatén Kerinci sarta Kabupatén Sulak Deras.[1] Di wewengkon Gunung Kerinci aya sawatara jenis leuweung anu tumuwuh disapanjang lampingna, kawas leuweung anu tumuwuh dipterokarp pasir, dipterokarp luhur, leuweung montane, sarta leuweung gunung.[1] Sanggeus nepi ka dina penclut gunung aya tetempoan hamparan leuweung anu lega sarta ogé kebon téh.[1] Gunung anu aktip kénéh ieu ogé asup dina pangakuan Taman Nasional Kerinci Seblat anu legana ngahontal 1.484.660 ha.[2] Taman nasional ieu ngabentang nyieun pasir ngajajar nepi ka 4 propinsi. lolobana ti taman nasional ieu asup dina Propinsi Jambi.[1] Taman nasional ieu ditetepkeun minangka Konservasi dina 14 Oktober 1982 anu nangtayungan fauna kawas Maung Sumatera, Wau-wau, Siamang, Ungko, Simpei, jsb.[2] Gunung ieu bisa ditempuh ngaliwatan jalur darat jeung dua alternatif.[1] Kahiji, perjalan dimimitian ti dayeuh Jambi ka Walungan Pinuh kalayan jarak 500 kilo sarta wayah tempuh 10 jam kalayan ngagunakeun angkutan umum atawa mobil pribadi.[1] Kadua, lalampahan bisa dimimitian ti dayeuh Padang ka Tapan saterusna dituluykeun ka Sungai Penuh kalayan jarak 278 kilo sarta waktu tempuh 7 jam.[1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j Lubis, Nisrina.2010. Full Traveling Yuk.!. Yogyyakarta: Diva Press. Kaca 205
  2. a b Kadir, Hatib Abdul. 2003. Mari Mendaki Gunung dari Leuseur Sampai Cartenz. Yogyakarta: Penerbit Andi. Kaca 15