Type a search term to find related articles by LIMS subject matter experts gathered from the most trusted and dynamic collaboration tools in the laboratory informatics industry.
"Balidwipa Jaya" (Basa Kawi: "Pulo Bali Jaya") | |
Koordinat | {{{kordinat}}} |
Dasar hukum | {{{dasar hukum}}} |
Tanggal penting | 14 Agustus 1958 (poé jadi)[1] |
Ibu kota | Dénpasar (saméméhna Singaraja) |
Gubernur | Dr. Ir. I Wayan Koster, M.M. |
Lega | 5.561 km² |
Pangeusi | 4.500.000 (+/-) |
Kapadetan | 800/km² |
Kabupatén | 8 |
Kota | 1 |
Kacamatan | {{{kacamatan}}} |
Kalurahan/Désa | {{{kalurahan}}} |
Suku | Bali (80%), Jawa (15%), Madura (5%), |
Ageman | Hindu (80%), Islam, Buda, dan Kristen |
Basa | Bali, Indonésia, Jawa, Sasak, Malayu, dll. |
Zona waktu | WITA |
Lagu Daérah | Bali Jagaddhita |
Ramatloka resmi: http://www.bali.go.id | |
(?) |
Bali nyaéta salah sahiji pulo sakaligus propinsi di Indonésia. Bali aya di antara Pulo Jawa jeung Pulo Lombok. Di dunia, Bali kawentar minangka tujuan pariwisata hususnya keur urang Jepang sarta Australia. Bali kasohor ogé minangka Pulo Déwata.
Pulo Bali nyaéta bagian tina Kapuloan Sunda Leutik sapanjang 153 km sarta sarubak 112 km kira-kira 3,2 km ti Pulo Jawa. Sacara astronomis, Bali perenahna di 8°25′23″ Lintang Kidul sarta 115°14′55″ Lintang Wétan anu nyababkeun pulo ieu boga iklim tropis kawas bagian Indonésia anu séjén.
Gunung Agung nyaéta titik pangluhurna di Bali saluhur 3.148 m. Gunung seuneuan ieu pamungkas bitu dina Maret 1963. Gunung Batur ogé salah sahiji gunung anu aya di Bali. Kira-kira 30.000 taunka tukang, Gunung Batur bitu sarta ngahasilkeun musibah anu pohara di bumi. Béda jeung di bagian kalér, bagian kidul Bali nyaéta dataran handap anu diliwatan walungan-walungan.
Puseur dayeuh Bali nyaéta Dénpasar. Tempat-tempat penting séjénna nyaéta Ubud minangka puseur seni perenahna di Kabupatén Gianyar; sedengkeun Kuta, Sanur, Saminyak, Jimbaran sarta Nusa Dua nyaéta sawatara tempat anu jadi tujuan pariwisata, boh wisata basisir boh tempat peristirahatan.
Penghuni kahiji pulo Bali diperkirakeun datang dina 2500 SM anu pindah ti Asia. Jaman prasejarah saterusna lekasan ku datangna jalma-jalma Hindu ti India dina 100 SM.
Di jaman karajaan Majapahit, ampir sakumna nusantara ngagem agama Hindu tapi ngiringan datangna Islam, ngadeg karajaan Islam di nusantara anu ngabalukarkeun runtagna Majapahit kira-kira taun1500. Jalma-jalma Hindu réa anu nyingkir ti Pulo Jawa ka Bali.
Jelema Éropa anu mimiti manggihan Bali nyaéta Cornelis de Houtman ti Walanda dina taun 1597. Walanda liwat VOC ogé mimiti ngalaksanakeun pangjajahanana di taneuh Bali, ngabalukarkeun lumangsungna perang puputan anu ngalibetkeun sakumna rahayat boh lalaki boh wanoja kaasup rajana.
Saprak ngadegna Republik Indonésia, Bali geus jadi bagian ti nagara kahijian kasebut.
Dina 12 Oktober 2002, Bali dibom di wewengkon Kuta anu ngabalukarkeun kira-kira 202 jelema maot sarta ratusan séjénna tararatu. lolobana korban maot nyaéta warga Australia.
Pangeusi Bali kira-kira sajumlah 4 juta jiwa, mayoritas 93% ngagem ageman Hindu. Ageman lianna nyaéta Islam, Protéstan, Katolik, jeung Buda.
Lian ti séktor pariwisata, pangeusi Bali hirup tina tatanén jeung perikanan. Sabagian deui milih jadi seniman. Basa nu digunakeun di Bali nyaéta Basa Indonésia, Bali, jeung Inggris hususna keur nu digawé di séktor pariwisata.
Di Pulo Bali, heneuweuh rel karéta seuneu tapi raramat jalan geus sadia hususna ka wewengkon-wewengkon tujuan wisatawan. lolobana nu nyicingan mibanda tutumpakan pribadi sarta milih makéna alatan jalur tutumpakan umum henteu sadia kalawan alus kajaba taksi.
Jenis kedaraan umum di Bali di antarana:
Antara Pulo Bali sarta Jawa, sadia jasa panyabrangan laut ngaliwatan palabuan Gilimanuk nuju ka Ketapang ngagunakeun kapal ferry anu ngadahar waktu antara 30 menit nepi ka 45 menit. Kitu deui panyabrangan antara Pulo Bali jeung Lombok, nyabrang laut ngaliwatan palabuan Padang Bay nuju ka Lembar ngadahar waktu kira-kira 4 jam.
Pikeun transportasi hawa dilayanan ku Bandara Internasional Ngurah Rai. Landas pacu sarta pesawat ngapung anu datang sarta indit bisa katémbong kalawan écés ti basisir.
No | Lambang Daérah | Nami | Puseur Dayeuh | Peta Lokasi |
---|---|---|---|---|
1 | Kabupatén Badung | Mangupura | ||
2 | Kabupatén Bangli | Bangli | ||
3 | Kabupatén Buleleng | Singaraja | ||
4 | Kabupatén Gianyar | Gianyar | ||
5 | Kabupatén Jembrana | Negara | ||
6 | Kabupatén Klungkung | Semarapura | ||
7 | Kabupatén Karangasem | Amlapura | ||
8 | Kabupatén Tabanan | Tabanan | ||
9 | Kota Dénpasar | - |
No. | Période | Nami Gubernur | Katerangan |
1 | 1950 - 1958 | Anak Agung Bagus Sutedja | |
2 | 1958 - 1959 | I Gusti Bagus Oka | |
3 | 1959 - 1965 | Anak Agung Bagus Sutedja | |
4 | 1965 - 1967 | I Gusti Putu Martha | |
5 | 1967 - 1978 | Soekarmen | |
6 | 1978 - 1988 | Prof. Dr. Ida Bagus Mantra | |
7 | 1988 - 1993 | Prof. Dr. Ida Bagus Oka | |
8 | 1993 - 1998 | Prof. Dr. Ida Bagus Oka | |
9 | 1998 - 2003 | Drs. Dewa Made Beratha | |
10 | 2003 - 2008 | Drs. Dewa Made Beratha |
Artikel ngeunaan Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo . |